Lirik Lagu Kujang Rompang Jasad

Gabung member, untuk simpan koleksi lirik lagu favorit anda Disini

Ma****g Kana Waktuna
Ninggang Kana Mangsana
Muru Maluru Beh Ditu
Nungtik Nyungsi Nu Kamari
Hudang Pikeun Tandang Nu Kiwari
Ngundeur Meureun Ngala Sugan

Hana Nguni Hana Mangke
Tan Hana Nguni Tan Hana Mangke *
Aya Baheula, Aya Ayeuna
Moal Aya Ayeuna Mun Euweuh Baheula

Aya Indung, Aya Bapa
Indung Nu Ngandung Bapa Nu Ngayuga
Aya Indung, Aya Surga
Aya Bapa Aya Dunya

Du'a Indung Jadi Jimat
Jampe Bapa Jadi Ubar
Pikeun Lengkah
Pikeun Tandang
Ngadekeun Ajen Kisunda

Laku Lampah Nu Utama
Nyebarkeun Asih Kasasama
Tingkah Polah Sing Merenah
Sangkan Panggih
Kamulyaan
Kajembaran
Kawaluyaan
Karahayuan

Congkrang Kujang Ngajirim Nonoman
Nu Gede Wawanena

Panceg Dina Galur
Salawasna Akur Jeung Dulur
Panceg Dina Galur
Babarengan Ngajaga Lembur
Panceg Dina Galur
Moal Ingkah Najan Awak Lebur

Panceg Dina Galur
Salawasna Akur Jeung Dulur.
Panceg Dina Galur
Babarengan Ngajaga Lembur
Panceg Dina Galur
Moal Ingkah Najan Awak Lebur

Munut Ridho Gusti
Ngalap Berkah Gusti
Nu Maha Suci

Munut Ridho Gusti
Ngalap Berkah Gusti
Sang Hyang Widhi

Bral Geura Miang
Tandang Makalangan
Nanjeurkeun Kabeneran
Ngawangikeun Bumi Pasundan

Sok Geura Hudang
Tandang Makalangan
Sanghareupan Musuh
Najan Palastra Nepikabinasa

Sakabeh Nu Gumelar Didunya
Bakal Panggih Jeung Ajalna
Ngan Nu Mangpaat Pikeun Sasama
Anu Bakal Abadi
Ngarana Ditulis Dina Prasasti Kahirupan
Laku Lampahna Turuteun Pikeun Anak Incu

Kujang Nu Nyurup Kana Raga
Anu Nyieup Kana Wanda
Ngajirim Jadi Nonoman Sunda
Sinatria Ti Tanah Pasundan

Nanjeurkeun Bebeneran Jeung Kaadilan
Teu Keuna Ku Owah Gingsir
Teu Kasilih Ku Junti
Ganjaran Nu Belapati, Satria Santosa Iman,
Sinatria Pilih Tanding Lalaki Lalanang Jagat
 

Sumber & Catatan Lirik

Lirik lagu ini disusun berdasarkan sumber yang tersedia di internet untuk tujuan referensi dan edukasi. Jika kamu ingin mengetahui info lebih lanjut tentang pencipta ataupun penyanyinya, silakan klik tautan di bawah ini:

Tautan di atas akan membuka hasil pencarian Google tentang pencipta dan penyanyi dari lagu ini.

 
  Jasad   Reposted by Admin  476x     2024-12-23 15:16:24

post a comment